Jumat, 10 April 2015

IEU PASAL GES SADIA

Ie pasal ges sadia carios ruksakna dunia, jeng sakabeh nu araya etateh bakal bahaya.. pangandikana pangeran uluman alaehapan barang sadayana pisan eta bakal lalengitan.
Didunia ulah kapalang meungpeung urang dinu caang lampahken nu dipiwarang eta teu kenging di pungpang.
Dikuburmah tempat poek kana to'at najan arek, nu di tampah najan daek jeung ongkoh moal disapek, sumawon waktu kiamat tentu nyesek kabeh umat nu harirup pada tamat pararindah ka akherat.
Barang malaikat isropil nu dambel wawawakil maehkeun makhluk teh gampil kabeh nyawa bararijil.
Gusti tiup sangkakala nu dipasti tibahela titdinya tuluy sagala nu gumelar pada bahya.
Nyaharita huru hara pagiur anu pohara rupa rupana sowara dibumi jeung di udara, gararenjlong bumi langit jalma pada ting jarerit nuwara wiri pabelit ting jarungkel ting jumpalit, pada labuh nu lalumpat ngajaropak nu sakarat kagusti allah sasamat tapi tutup lawang tobat, titingalan kalaletir pola jalma mantak watir nu ngajerit anu zikir kumaha tuh da ges takdir.
Dedengean ting galugur walungan teh pada guntur hante bisa nulung batur diri sorangan geh lapur, ngagalebug angin ribut tatangkalan kararabut anu gede anu lembut hante nyesa najan jukut.
Imah tangga pada lebur bareak sakabeh lembur gunung pasir pada gugur sowarana ting jalegur, dilaut teh jadi hurung taya pisan ker nyalindung eta ngajadiken bingung sasamat taya nu nulung.
Hukum pangeran mang sana ges tepi kana janjina harita harta te guna ngeun amal anu sampurna, sangges darat laut lebur batu oge kabeh ancur jadi lebu ting alaur ditiup angin teh mabur, dunia sanggeusna di basmi hiji barang teuaya kari sumawon hewa jeng jalmi eta kabeh sami sami, ges kitu gusti pangeran ngersakeun nurunken hujan opat puluh poe pisan hante eureun teterusan geus karendeum sakuliahna tidinya eureun hujana nu maraot sadayana pada barijil jasadna, harita bumi ges rata teuaya lembur teuaya kota ,teaya barang teuaya harta akherat teh nyaharita.
Tuluy gusti teh ngersakeun kang jeung nabi di gugahkeun, jibril anu mapageun panganggo disayagikeun, isropil niup semprongna jasad hirup sadayana sarta tembong saenyana amal saurang-urangna.
Urang kabeh sataranjang banget nalangsa jeung wirang sebab amal pada kurang ari dosa pirang-pirang, eta karak martabatna luhurna kabina bina tina bangeut muliana bungana teuaya hinggana, nu daekan tunalangsa nambahan amal tebisa sumawon nu loba dosa ngen kantun narima siksa.
Ie sair ges sayagi kenging nukirna kurtubi urang kudu masing kaharti ibadah kudu gumanti, di akhir ngarasa rugi sanajan nu getol ngaji, zakat sareung minggahaji, telampah solatmah rugi.

"Wasalam"